0
Home  ›  Bahasa Sunda

Carita Babad Prabu Siliwangi

Carita Babad Prabu Siliwangi

Di Handap iyeu salah sahiji contoh Carita babad nu ka koncara mashur na di tanah Jawa. Di bawah salah satu contoh ceria babad bahasa Sunda yang terkenal di tanah Jawa

Carita Babad Prabu Siliwangi

Sanggeus Karajaan Pajajaran diserbu ku para prajuril ti Banten, Prabu Siliwangi saputra garwa katut abdi-abdina nu satia, kaluar ti dayeuh Pajajaran sarta lumpat ka leuweung. Jalma-jama nu masih aya kénéh di luareun karaton terus diserbu ku pasukan musuh. Atuh dayeuh Pajajaran beuki sepi sabab rahayatna loba anu marubus ka leuweung.

Ngan Ki Senapati anu masih kénéh tanggoh, hayang ngalawanan musuh. Ku sabab katénjona bangun gagah hayang némbongkeun kawedukan, manéhna dicoba kasakténna ku Kéan Santang, nyaéta dititah nyabut iteuk. Iteuk ditancebkeun dina taneuh, ku Ki Senapati dicabut sababaraha kali tapi pageuh nanceb henteu kacabut. Ahirna Ki Senapati taluk ka Kéan Santang sarta pamitan rék nyusul Prabu Siliwangi.

Prabu SiliwangiPrabu Siliwangi kasampak keur ngarereb di Gunung Cibodas jeung balad-baladna. Manéhna nyarita yén garwana, putrana sarta abdi-abdina dibéré kalonggaran naha rék arasup Islam atawa moal. Sanggeus cacarita Sang Prabu tuluy ngahiang, ngiles sapada harita. Abdi-abdina melengek anéheun. Sawaréh arindit tanpa tujuan. Sawaréh deui cicing taretep di dinya di Gunung Cibodas.

Ari Kéan Santang, terus ngislam-ngislamkeun urang Pajajaran jeung rahayat anu aya di pagunungan nepi ka Sancang, basisir kiduleun Garut.

Kamus Alit :
No Bahasa Sunda Arti
1 Tandang Tampil
2 Nundung Ngusir
3 Wirasat Pirasat
4 Piunjuk Omongan
5 Lolos Kabur
6 Garwa Pamajikan
7 Katut Sarta
8 Pirang-pirang Rupa-rupa, loba
9 séjén Lain, béda
10 Parongpong Kosong
11 Tanggih Tangguh
12 Jajatén Kabisa, Kaludeung teu gadag bulu salambar ngomong
13 Teu mundur satunjang béas (pribahasa sunda) Teu sieun
14 Ujub Takabur
15 Waléh Terus terang
16 Kadéséh Kaéléhkeun
17 Malah mandar Susuganan heuleut, selang, kahayang
18 Kasampak Kapanggih
19 Ngarereb Reureuh, istirahat
20 Wiwitan Mimiti
21 Wekasan Akhir, tungtung
22 Mindel Ngabetem, teu ngomong
23 Nanjung Mashur, maju
24 Melengek Héran

Mau donasi lewat mana?

BRI - Saifullah (05680-10003-81533)

JAGO - Saifullah (1060-2675-3868)

BSI - Saifullah (0721-5491-550)
Merasa terbantu dengan artikel ini? Ayo dukung dengan donasi. Klik tombol merah.
Search
Menu
Theme
Share
Additional JS